GET /bidvertiser.dbm?pid=402229&bid=996612&RD=88&DIF=1&bd_ref_v=http%3A//valiant-techno.blogspot.com/&tref=1&win_name=null&docref=&jsrand=13065&js1loc=http%3A//valiant-techno.blogspot.com/ HTTP/1.1 Host: bdv.bidvertiser.com User-Agent: Mozilla/5.0 (Windows; U; Windows NT 5.1; en-US; rv:1.9.1.7) Gecko/20091221 Firefox/3.5.7 Accept: text/html,application/xhtml+xml,application/xml;q=0.9,*/*;q=0.8

Selasa, 20 Juli 2010

Contoh Pidato Sunda | Mieling Hari Jadi Kota Bogor - Ngamumule Banda Budaya Sorangan

miéling ‘Hari Jadi KotaBogor anu ka….

Assal amu’ alaikum wr. wb.
Bapa miwah Ibu anu ku sim kuring dipihormat.
Sateuacanna sumangga urang nyanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti Nu Maha Agung, anu parantos maparin kaséhatan sareng kakiatan ka urang sadaya. Alhamdulillah, ku jalaran ni’mat ti manten-Na pisan, dina danget ieu urang tiasa patepung lawung paamprok jonghok di ieu tempat dina raraga miéling ‘Hari Jadi KotaBogor anu ka….
Solawat miwah salam, urang sanggakeun ka Jungjunan urang sadaya, nabi ahir jaman anu parantos nuyun sakumna umat kana jalan kamulyaan, Nabi Muhammad SAW, ka kulawargina para sohabatana kalih ka jalmi-jalmi soléh sapandeurieunana.Hadirin hormateun sim kuring!
Langkung tipayun sim kuring hoyong nyanggakeun pangwilujeng, réhna Kota Bogor ayeuna nuju milangkala anu ka….
Salaku urang Bogor, kantenan baé urang sawadina kedah reueus, jalaran Bogor anu katelah “Kota Hujan” téh aya punjulna ti wewengkon séjénna nu aya di Jawa Barat. Naon baé kapunjulan Kota Bogor téh? Upami seug ditataan hiji-hiji mah kantenan seueur pisan. Dina danget ieu sim kuring mung badé medar salangkung baé jalaran waktosnaa nu samporét.
Sakumahaa nu kauninga ku hadirin sadaya parantos ti béh ditu kénéh Bogor kawéntar ka mana-mana ku kaéndahan alamna, sarta hawana anu matak seger. Ku urang Walanda dugi ka disebat buitenzorg hartosna tempat pikeun ngareureuh.

Bapa miwah lbu, sumangga urang tataan kaéndahan alamna. Bogor miboga tempat-tempat wisata anu kalintang éndahna sarta kadeugdeug ku nu ngaradon piknik ti mana-mana. Aya Kebon Raya, Taman Safari, Taman Bunga Cibodas,Curug Cilémber, sareng sajabina. Salian ti kaéndahan alam, Bogor ogé miboga tempat wisata budaya.
Di Bogor aya Istana Bogor, Museum Zoolog;, Museum Perjuangan tempat karajinan wayang, sareng sajabina.
Kantenan baé eta kaéndahan alam téh kedah diriksa ku urang sadaya. Upami lingkungan alam ku urang diruksak tangtos bakal nimbulkeun mamala. Balukar tina ruksakna leuweung, ku urang apan katingal aya musibat di mana-mana. Naon margina?Jalaran manusa kiwari beuki sarakah beuki resep ngaruksak kasaimbangan alam. Saban waktos tangkalan dituaran di mana-mana, bari langka dipelakan deui sakumaha mistina. Balukama gunung-gunung darugul, pasir-pasir bulistir. urug saban waktos. Banjir saban waktos. Kitu deui banda budaya. Upami henteu dipiara dimumulé ku urang tangtos bakal tumpur.
Hadirin hormateun sim kuring!

Rupina teu aya deui anu tiasa dipilampah “iwal ti hayu urang sasarengan, rempug jukung sauyunan miara sareng ngamumulé banda budaya sorangan. Hayu urang ngariksa alam sabudeureun ngarah tetep asri tur éndah. Hayu urang rampak tandang ngawangun Bogor lemah sarakan urang.

Mawa obor ka Cikarang,
mawa kisa ka Cianting.
Kota Bogor boga urang,
kudu diriksa dijaring.
Mawa obor sisi kulah,
di susukan aya hurang.
Kota Bogor lemah éndah,
kota panineungan urang.

Hadirin nu dipihormat!
Rupina sakitu nu kapihatur. Hapunten bilih aya basa sareng tata-krama anu kirang merenah. Bobo sapanon carang sapakan. Langkung saur bahé carék hapunten anu kasuhun.
Wassalamu’alaikum wr. wb.



(http://tatapakan.wordpress.com/2009/10/08/271/#more-271)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar